Kidung Sunda
Posted by Badru Tamam Mifka pada 30 September 2008
Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
nyambuang ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan
Seni sunda sawe asli
Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Pepeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar
Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih
Repeh rapih nu salembur
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Pageuh pakuat-pakait
Ulah ingkah bali-lahan
Anrubna ngajadi hiji
Ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan
Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Neneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi.
Kumpulan Sawer Panganten « .mifkaisme weblog. berkata
[...] Kidung Sunda [...]
remy berkata
pami teu lepat mah kang, baris ahir “Seni sunda sawe asli” kedahna “seni sunda seuweu asli”, paralun
Badru Tamam Mifka berkata
Eta teh tina sumber nu abdi mah: “Seni sunda sawer asli.” Duka tah sumber nu sanes na, nyuhunkeun koreksina,,,
Hizhib Mughni berkata
kang hatur nuhun. katampi pisan elmuna.
yogi berkata
hapunten gaduh mp3 atwa musik pengiring na teu. mun gaduh kirim ka gie.clickers@gmail.com
yasidin yasa berkata
Sawer Panganten aya MP3 na teu kang
Euis Yatmikasari berkata
Kang … pribados peryogi pisan buku kumpulan kidung sawer panganten sareng sawer murangkalih nu di sepitan, upami tiasa hoyong ngagduhan bukuna kinten-kinten tiasa dikintun teu ??
danidansri berkata
Hatur nuhun…., meni katampi pisan abdi teh nuju peryogi pisan bade nyawer pun anak tapi teu aya bukuna, atuh aya didieu meni nuhun pisan…!
agussuratgus berkata
Ya Allah Mugia pang nyalametkeun iyeu budaya Sunda nu sakitu endahna,tos langka tur jarang nu bisa……
dandy poetra berkata
sim kuring ngiringan ieu blog,kang…
sayaanak fams ofirepublik berkata
siapa penciptanya
Wanoja Dewi Purwati Sudrajat berkata
sampurasun…
kang tipayun abdi kantos nguping sawer panganten anu anu rumpakana diwangun ku pupuh sinom, upami kagungan abdi peryogi kanggo nambihan koleksi, upm tiasa +leah manah dikintun wae k wanoja.dp@gmail.com
dulur ti tatar pasundan berkata
kang ai kidung teh kedah di bayar hela ku puasa 40 diten teu ?