Kirim Bobodoran Sunda
Posted by Badru Tamam Mifka pada 10 Mei 2009
Mangga nu gaduh bobodoran Sunda, tiasa di kirim didieu :D
| ronliedthefan1984 on Cerpen: Hujan dan Puisi | |
| dilwertsketym1973 on Update: Aplikasi “Mifka… | |
| Kakang prabu kcbs on Free Download MP3: Kendang Pen… | |
| Olive on Daftar Istilah dalam Pembuatan… | |
| Caringcostumejewelri… on Plato Not Prozac! | |
| Anya on Album Instrumental Sunda … | |
| martha on Free Download Gending-Gending:… | |
| jajang on Download Wayang Golek: Kitab S… |
Posted by Badru Tamam Mifka pada 10 Mei 2009
Mangga nu gaduh bobodoran Sunda, tiasa di kirim didieu :D
Entri ini dituliskan pada 10 Mei 2009 pada 7:11 pm dan disimpan dalam Zero. Dengan kaitkata: Kirim Bobodoran Sunda. Anda bisa mengikuti setiap tanggapan atas artikel ini melalui RSS 2.0 pengumpan. Anda bisa tinggalkan tanggapan, atau lacak tautan dari situsmu sendiri.
Budak Boloho berkata
Budak Boloho
Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.
Encep : “Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 10, bapa bade masihan naon ka Encep?”
Bapa : “Bapa bade masihan duit saratus rebu..!”
Encep : “Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?”
Bapa : “Naha, Cep?”
Encep : “Saratus rebu mah cape ngetangna..”
tubagus berkata
hahaha pikaseurieun ning akh.
ga k pikiran yah.
jurigbridge berkata
.
ujang arif berkata
hiji waktu, aya tournament ngusep sa-kota garut, di tempat pendaftaran ahli-ahli tukang ngusep saling ngobrolkeun pangalaman maranehanana, tapi dina sakian loba nu ahli,aya 3 tukang ngusep nu rada adigung saling ngajagokeun upan maranehanana
Mang jajang: umpan nu paling hade mah, nya nu urang,karek ge asup kanu balong, teu sabaraha detik ku laukupanurang langsung disantok
mang oka: etamah teu sabaraha, nu kuringmah, umpan keur di pasangkeun kanu usep, eta lauk ting laloncat ka luhur sabari ngomong “mang burukeun eta umpan!!!!”
mang dadang: beu… sakitumah cetel keneh, yeuh saking hadena upan kuring,mun tiap minggu kuring ngusep, poe sabtuna lauk ti sababaraha tempat geus daratang ka imah kabehanana ngomong “mang tong hilap enjing ngusep ka balong abdi!!!”
hehe
Robert Stewart berkata
Ah…nurutan kang ibing eta mah…
doeta-kie'z berkata
sok lah jawab.yeuh:
Lamun urang sare,itu nangtung;
lamun urang nangtung itu sare, naon cing aya nu teurang teu???
pupung hendra krama berkata
dampal suku soklah lamun salah tong nyalahkeun naon cing…?
dodi armand berkata
HAHAHAHAHAHA….NAON CING
Isep Ridwan berkata
kareta api atuh kang
iwan berkata
etamah gagaduhan….he…
hrdarsita berkata
ngiringan ah,
si udin : jang, uing boga tatarucingan,
gede mana antara BULEUD jeung BUNDER?
si ujang: teuing atuh?
si udin : nya gede keneh bunder atuh.
si ujang: enya kitu?
si udin : enya atuh, pan aya paribasa diteureuy buleud
kuring mah can pernah ngadenge diteureuy bunder
hartina bunder leuwih gede, apan can aya anu bisa
neureuyna,
si ujang: ah maneh mah ngarang.
noer aini azahra berkata
lepat keneh akang…nu leres ageung bunder…pan babasana oge di teureuy buled…hartosna nu neureuy teh buled,…janten nu bunder di teureuy kunu buled…hayoh..
jr. berkata
salah keneh atuh alesana emang ageungan bunder dari pada buled. aya bunderan hi aya bunderan senayan bunderan halim jsb.da teu aya buledan Hotel indonesia atuh …..he…he….
rizky adi wardhani berkata
genaheun tah jawaban teh
Halimun Giri berkata
badag keneh buleud, matak bareto aya konperensi meja bunder da lamun konperensi meja buleud mah mejana hese ngabuskeun da nyelap dina panto
yansaryanto@gmail.com berkata
badag keneh buder, kapan nu babaturan kuring mah buleud ditingali teh sagede patlot, coba nu kuring da bunder hayang apal sagede kumaha ?……budak kuring nu bungsu kolorna no 38 XL, can nu cikal lewih badag deui….manga emutan
jawaraNoyodhsadunya berkata
ageungan keneh bunder,…ari buleud mah nu sok dibeuleum, sok disebut hui buleud (hui areuy)
S. Sukandar berkata
Pegatna nyawa bareng jeung beungkahna bumi, di sucikeun tuluy dicemplungkeun ka neraka, nembe bisa asup ka swarga.
cig nu pirsa mangga di wangsulan . Sareng punten ieu bilih aya lepat basa, da abdi mah asli jawa.
S. Sukandar berkata
Ah…. Rek di jawab ku dewek bae lah, geus kadaluwarsa…
jawabna: singkong!!!
pan ari singkong di cabut bumi beungkah(belah), nyawana pegat, tuluy buka baju=di kupas, mandi suci=di cuci, masuk neraka=di rebus, tuluy masuk surga=di mam.
Heri berkata
nya jawab wen ku nyalira..lur
Isep Ridwan berkata
pinternya ari tukang sampeu mah ngajawabna
Rhiep Nak'deathmetal Charhawank berkata
hahahahah… beda tukang ngicalan keripik mah nyariosna sampe jeung sampe wae…, hahahhaa
S. Sukandar berkata
Lamun ilmu matematika, 1+1=2, 1-1=0. Ta… Tp ieu beda, 1+1=1, 1-1=2, alah siaa’ coba ilmu naon ieu jawab geura!
janoe berkata
ngiring ngajawab
gampang da atuh etamah, eta teh mung elmu obat nyamuk, sanes kitu!!!!!!
S. Sukandar berkata
Euleu…2x.. DJ alias Den Janoe tiasa geuning, cocog eui…
taufik alhadi berkata
teu ngarti kuring mah make obat nyamuk ?
iik berkata
naha make obat nyamuk?
ali berkata
enya eta obat nyamuk timana???
johnkampret berkata
apan obat nyamuk bakar teh diicalna dua gulungan dihijikeun, janten 1 gulungan + 1 gulungan dihijikeun janten 1 gulungan (1+1=1), teras upami hiji gulungan dibongkar janten 2 gulungan, hartosna 1 gulungan dikirangan (-) 1 gulungan , akhirna janten 2 gulungan,
pinter nya…… sim kuring….(1-1=2)
Ridwan El Nasyer berkata
Sakali waktu dikarumpulkeun sakumna warga nu aya di kampung Bojong Ocon. Pok, nu dianggap Pupuhu didinya nyarita ka sakumna Bapa-bapa warga di eta pilemburan nu geus ngarumpul dihiji lapang.
Pupuhu :
Hey sakalian warga kami, cing kami hayang nyaho.. saha diieu lembur nu teu sieun ku pamajikan. Nu teu sieun ku pamajikan, pindah ka kenca.. Nu Sieun ka katuhu…!!
( Atuh eta mah breng teh kabeh ka katuhu.., Berarti sarieun tah, kabeh ku pamajikan. Ngan aya hiji nu teu pindah.. Tah, wanian ieu mah yeuh, gerentes eta Pupuhu)
Pupuhu :
Naha mah geuning teu pindah? Kawasna maneh mah teu sieu nya ku pamajikan..?
( Ceuk eta Pupuhu ka salasaurang wargana nu teu pindah tempat )
Warga Nu teu pindah pok ngajawab,
Warga : Duka , da dipiwarang ku Pun bojo………
(bari paromana siga nu teu ieuh -ieuh)
Pupuhu : Eeeh…, enya sia kabeulah ditu…!!!
roelza berkata
Naha siga dinu “Sasagon” nya
himpunan berkata
nurutan dongeng kang ibing atuh etamah euy
Agung Ibrahim berkata
bae, teu nanaon. da loba nu can apal…
S. Sukandar berkata
Kcrita di ruang kls 4, ibu guru mere tugas ka para murid spy nyieun crita pndek jeung judulna, srta di critakeun di hreupeun murid2 nu sejen. aya anu carita ‘desaku indah’, aya anu carita ‘berkebun’, jeng sjbana. ayeuna mamat ka hreup, saur bu guru. gancang wae mamat ka hreup. maneh rek crita naon mat, jeung naon judulna? ceuk bu guru. judulna ‘emak ngisep lampu’ jwb si mamat. naha judulna kitu mat? kiyeu bu, keur peuting mak crita ka bapa, saur mak ka bapa, pa pareuman lampuna, ma hayang ngisep.
slamet sukandar berkata
Di teangan nepi ka kabeh roangan, giliran geus kapanggih kalaka di piceun, naon eta?!
monggo sederek2 dipun wangsuli!
bangbung hideung berkata
K O R O N G….!!!
Robert Stewart berkata
Liang Bo’ol
Rhiep Nak'deathmetal Charhawank berkata
korong dina liang bo’ol… leres kang haji… gkgkgkkggkgk
yosef berkata
whaha… edun tah waleran teh, lengkep…
jayakarda berkata
etamah tai hayam
Wilden berkata
“Dasar Ngedul”
Bu Guru = Adun kunaon poe senen teu sakola?
Adun = Punten bu, margi lancinan abdi diseuseuh jadi abdi teu sakola, margi abdi mung gaduh lancinan sakola hiji2na.
Bu Guru = Ari poe salasa kunaon teu sakola deui?
Adun = Abdi angkat bu ka sakola, namun waktos ngalangkung ka bumi Ibu guru, abdi ninggal anggoan seragam ibu dipoekeun, abdi uih deui margi pasti ibu guru mola sakola da anggoan nana di poekeun.
Bu Guru = ??????????? dasar ngedul!!!!
erikids berkata
cing Tahu naon nu goreng.????
Shoetea berkata
Tah..huntu maneh…..!!
Rhiep Nak'deathmetal Charhawank berkata
aku tahu aku tahu akui tahu.. pasti jawabannya… uuuuuumft… kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???kasih tahu jngan y jwabannya…///???… jangan akh takut banyak yang nyontek… kan hari ini ulangan… makanya belajar donk jangan nanya mulu..bhuuuuuhb bete…
Baren Barnabas berkata
Saha kuring cik….
Kuring sok aya di hareupeun lomari, tukangeun bantal. Mun peuting, kuring aya di tengah bulan, tepatna mah di tengah2 bulan purnama.
usse berkata
huruf l
Rhiep Nak'deathmetal Charhawank berkata
jig gening pinter.. aa tukang ngabodoronya??? seuri akh.. ahhahahahahahaha
usse berkata
Cing kunaon tukang baso nakolan mangkok ?
Saripudin berkata
nya ku sendok ath mang… leres teu…?
Hendar berkata
Di Hiji sakolaan kelas 4 esde, Pa Jajang keur nanya tentang cita2 ka sakur murid2na
di absen saurang saurang titah kahareup.
Dodi : “”abdi mah mun toz ageung hoyong jadi dokter..!!!!!”"
Pa jajang : “”Alus pisan..sae sae..”"
Odang : “”abdi mah mun toz ageung hoyong jadi Presiden…!!”"
Pa jajang : “” hebat hebat….”"
Nunung : “” abdi mah mun toz ageung hoyong jadi suster….”"
Pa jajang : “” Nya alus sae..sae…”"
Siti : “” abdi mah mun toz ageung hoyong gaduh anak anu lucu “”
Pa jajang : “” wah alus pisan …eta cita2 anu mulia…bagus ..bagus..”"
Wawan : “” abdi mah mun toz ageung hoyong pisan ngabantu cita2 Siti, nyieun
anak anu lucu…!!!!”"
Pa jajang : “” Emh..Emh..????????!!!!!!!!!!”"
Atuh Geur salerea saleseurian……………..
………………………………………………………………………………..
Maaf nya upami henteu lucu…
Agung Ibrahim berkata
lucu pisan eta mah kehed, ha ha ha… :D :)) :))
ali berkata
anyiiiirrrr… lucu pisan euy..
noer aini azahra berkata
cEPOT RAHUL……
gatot kaca : tas ti mana maneh pot..?
cepot : manawi wangsull ti pangaulaan arjuna gan !
gatot kaca : ti paman arjuna !…aya naon pot ?
cepot : eta…ngiring ningali maen bola gan !
gatot kaca : nenjo bola..bola naon..cing baleg ditanya teh pot !
cepot : sumuhun gan leres…
gatot kaca : biola naon pot ?
cepot : PERSIB lawan BARCELONA gan !
gatot kaca : nu baleg siah…piraku PERSIB di adu jeung BARCA..hayang di cabok sia
cepot : eeeeh ari agan , ongkoh naros,…demi allah gan..!
gatot kaca : da tukang rahul sia mah…saha nu menang , sabaraha skore na ?
cepot : PERSIB unggul gan 5 – 1
gatot kaca : waduuuh…beuki ngaco siah pot…bletak .teu baleg teuing !
cepot : adaaaaaaaw…sumpah gan…pangaulaan saksina oge..!
gatot kaca :percaya ari saksina paman mah…hampura aing pot !
cepot : ari agan bobotoh sanes gan ?
gatot kaca : puguh we…da baheula mah bapak aing teh bek PERSIB pot
cepot : naha aya BOBOTOH teu nonton gan ?
gatot kaca : puguh teu apaal aing…na tv naon pot ?, da euweuh di imah mah !
cepot : na PS gan……….( bari ngabecir )
gatot kaca : si anjiiiiiiiiiiiiiiing….hanas di dengekeun………
Jon berkata
Aya saurang mahasiswi naek beca, dina palebah pudunan mahasiswi eta katingalina siga anu araringgis palaur ngajuralit kusabab eta beca beuki lila beuki tarik wae ngaluncurna.
Bari tipepereket eta mahasiswi ngomong ka tukang beca :
Mahasiswi : “Mang kade mang…lalaunan atuh, abdi sieun…!!!”
Tukang beca : “Kalem Neng….!!!”
Jawaban si tukang beca lainna nyieun eta mahasiswi jadi tenang, kalakah beungeutna sepa beuki pias…salian beuki tarik eta beca ngaluncurna gudal gadil kakenca tur ka katuhu.
Mahasiswi : “Geus ah…eureun mang…eureuuuunn…ampuuuunnn….!!!”
Tukang beca : “Tenang Neng…!!!”
Mahasiswi : “Rek tenang kumaha…!!!??….abdi sieun…!!!”
Tukang beca : “Tenang we Neng…pami Neng sieun sok Peureum….siga abdi ayeuna ge Mamang keur Peureum…!!!”
Atuh si Neng Mahasiswi jadi ngoceak maratan langit.
Mahasiswi : “Aaahhh….Emmaaakkk…ampuuunnn…tuluuuuuungggg…..!!!”
bodor sunda berkata
Bapana Budi boga budak lima…
nu kahiji ngarana KANTAL
nu kadua ngarana KENTEL
nu katilu ngarana KUNTUL
nu ka opat ngarana KINTIL
budak nu ka lima ngarana saha????
Mahardika Anandar berkata
Nya KONTOL mereun..engeus naon deui coba..maaf da lain porno..
abah raymond berkata
Budi ath…
Mahardika Anandar berkata
Owh enya ya….aduh abah raymon pinter
yansaryanto@gmail.com berkata
Hiji poe si Rahul nungtun anjing,ngaliwatan jalma gelo, ….
nu gelo :..”euy monyetna alu pisan euy”
Si Rahul : Dasar nu gelo “cing deuleu atuh..aing mah nungtun anjing…..”
nu gelo.. : Sha nu ngomong jeung sia dan aing mah ngomong jeung anjing….”
odo berkata
tong unjang anjing bloooog
Kang Mamat berkata
Hahahaha…. kedah maklum atuh da nu gehel eta mah…
jawaraNoyodhsadunya berkata
Nringan abdi atuu, sesama TNgBr (Tukang Ngabodor)
LOWONGAN KERJA
Adang :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.
Toto :”Saratna naon bae ?”
Adang :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
Toto :”Sabaraha hiji ?”
Adang :”Dua karung”.
Toto :”Jadol, hanas didengekeun”.
hendaR berkata
hahaha…lucu euy