Kirim Puisi Sunda
Posted by Badru Tamam Mifka pada 10 Mei 2009
Mangga ka dulur-dulur nu mikacinta sastra Sunda, bilih bade ngiringan-ngaramekeun ngintun sajak sunda, kintun we dina kotak komentar. Sajakna ku simkuring bade ditautkeun didieu. Diantos pisan.
Sajak Sunda:
Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma karya Dhecka
Kamana Angin Priangan??? Karya Oeroeg Santana
Cutatan Peuting Karya Asep Komara
Hariring karya Mughni Ismaya Putrataryana
dhecka berkata
puisina bebas kang? ^_^
ngiring aub ah… manawi tiasa ka anggo hhehehe…
-Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma-
Gung Degung Ngadegna Hyang Agung
Mapag kidung….. Cianjuran ciri anu ngajurung pangabdian
Patarema jeung gelik suling nu ngajak diri…Nyumurup nyumerepkeun ka eling
Ka Gusti Nu Maha Suci
Pamuntangan diri pikeun sakumna pangabdi
Hayu mulang kana ka sajatian
Jati nu mawa kawalagrian
Jati nu mawa kasampurnaan
Jati nu baris mayungan ku kasalametan
Asyhadu anlaa ila ha ilalloh wa asyhadu anna Muhammadarosulluloh
Teu daya teu upaya anging gusti Nu Maha Kawasa
Mughni Ismaya Putrataryana berkata
Hariring lain nu kuring
Haleuang lain nu urang
Hariring Kagungan Nu Maha Wening
Haleuang Kagungan Nu Maha Wenang
andri heryanto berkata
ah eta mah nurutan ki dalang ASEP
Asep Komara berkata
CUTATAN PEUTING
Dug..Geus tibra hiji malati, dina gawir surti
Mindingan sari, boa moal hegar deui
Kojengkang riwanna kareret di jomantara
Nu hanjakal ngan wungkul kadongkang ku gantar lamunan
Reungeukeun masing teleb rongheap peuting nyirep buana
Mangsa sang Badra ceuleuyeu di mega hideung
Ketug jantungna bet sawirahma jeung nu ngageubra
Kalan-kalan antare, sakapeung tatalu nutug karempan
Moal,..moal cangcaya najan sakeudeung deui aya balebat
Inyana geus ngabiur nyemprung ka alam implengan
Enya, tibra keneh malati taya karingrang
Najan sakapeung kabadug juringkang bentang.
(Rawalumbu, 11 Juli 23.30)
Oeroeg Santana berkata
KAMANA ANGIN PRIANGAN ???
seungit angin priangan, ngusapan embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring ayun ambing
seungit angin kayangan, sumerep na lelembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring éling-éling mangka éling
waas éta tembang
kamari katineungkeun kénéh
dihariringkeun disisi huma, mumunggang Cikuray lebah handap
dipirig haliwir angin, digupay dangdaunan
dialokan ricit piit
mangsana patani ngaguar leuweung pihumaeun
ngagecruk pacul mapag taneuh beureum
malikkeun kanyaah ka lembur pamatuhan
lembur tempat kuring digubragkeun ka alam dunya
lembur tempat kuring digedekeun di pangulinan
lembur tempat kuring tatapa nyiar pangarti
maguran di padepokan jati Sunda
waas eta tembang
harita dihaleuangkeun
dipiring jentreng kacapi, jeung gelikna suling
mapag usum ngijih, rek tebar binih
dangdaunan nu maruragan kokoleangan
nambah sarina kanyaah ka mangsa lawas
mangsana panceg jungkiringnya Pajajaran
mangsana seungit nyambuangna Siliwangi
kakoncara ka sakabeh Nusantara
pamolahna ki Sunda harita
dina Palagan Bubat
ciri siloka urang Sunda nu digjaya
najan nepi kamana, ka waktu iraha
moal leungit
moal musnah
asal aya nu mikanyaah
waas eta tembang
ayeuna tinggal panineungan
geus leungit silokana
tinggal waasna wungkul
catetan nu aya tinggal jungkiringna
kasilih ku rohakana caah modernisasi
runggunuk huma geus teu mangrupa
ledokna pasawahan geus luntur warnana
seungit tatangkalan geus murag sarina
kasilih … kaganti
lalaunan … najan samar-samar
leungit … kasapu haliwir angin globalisasi
najan kitu
kumaha urang
nyaah atawa tega
miara atawa palastra
jati Sunda
jati urang sarerea
Asep komara berkata
GERENTES NU NGANGRES
Gulidag rasa bet tuluy ngamuara jeroeun dada
Sedengkeun tanggul cimata karasa rek bengkah nangtang ca’ah nu rongkah
Sawirahma jeung ratugna dulag na jajantung
Kapireng galindeng takbir nu antare ngagerihan pikir
Nyanggakeun sadaya-daya…
Rumasa jadi jalma loba katuna
Palidkeun kuring di lautan hampura Anjeun, Yaa..Robbanaa…
Malar Rohmat Anjeun cindek tur lana.
Alloohu Akbar..
Walillaahilhamd..
(Subang pasisian, 2 Syawal 1431 H)
kiki berkata
hidup subang,,,,,
subang maju subang gotong royong,,,
salam kenal ti urang ciater nu nuju ngumara milarian kabeneran anu ti nu kawasa.
dadi kerewed berkata
kumaha atuh???
dadi kerewed berkata
samar ilapat
mapatmapat samar ilapat
nu kungsi nyungsi janari
tutas mitineung lalakon ngeunaan anjeun
horeng tatu, nu medar lebah ingetan
nginggeungkeun lemah
parainti mipir titincakan pikir
ukur kelemeng, ngadamparan peteng
katut tiis ibun nu nyaliara
sakujur raga
mapatmapat samar ilapat
anjeun anteng ngorehan ieu kuciwa
(2010)
Sanghyang Mughni Pancaniti berkata
Sabda Sunda
Ku: Sanghyang Mughni Pancaniti
Sunda moal leungit ku ganti wanci
Sunda moal laas ku robah mangsa
Sunda moal luntur ku kurunyung taun
Sunda moal helas ku ilang bulan
Sunda geus ngancik dina ati
Sunda geus nyayang dina dada
Sunda Geus kaukir dina fikir
Sunda geus manunggal dina rasa
Brah lumampah.. migawe sunda nu nyata
jung lumaku.. migawe sunda nu luhung
jig geura indit.. migawe sunda nu sajati
Tanda syukur ka Gusti nu Maha Suci
Dimana geus eling kitu.
Rek ka wetan, Prak..!
Rek ka kidul, jug..!
Rek ka kaler, perk..!
Rek ka kulon, los..!
ikhsan riksayuda berkata
sarae pisannnn
ganjar berkata
dada karasa eungap,
ngarenghap rasa na peureus
kajadian nu baheula
naha beut karasa deui
naha diri beut meunang kanyeuri
raga beut meunang tunggara
……………………..
……………………..
……………………..
naon tuluyan na,upami teu kahartos ngacung weh ka pribados urang soreang…..
zauharry berkata
Hade pisan
lazivaly berkata
sae cu
bunga berkata
RUMINGKANG
ku : Bunga Dessri Nur Ghaliyah
ari diri keur nyorang…
pikiran sok ngawang-ngawang…
hate hariwang
paanggang
lamun emutan beurat…
kadang sok hayang ngadat
kapeurih ngagedat
ngolebat…
kasuat-suat…
aya anggang dina raga…
katresna dina dada…
kingkin dina jiwa…
kamana kudu diteang?
na kamana kuring kudu datang?
anjeunna geus miang…
raga jadi anggang…
tapi…
tapi ati tetep raket
hate deukeut…
geugeut…
meumeut…
lain waktuna kesel…
geus lain usumna sebel…
ngado’a…
menta kanu maha kawasa…
mapalerkeun jiwa…
nenangkeun raga
matak tiis dina dada…
yakin da Gusti mah moal mirosea…
mikanyaah balarea…
kaasup anjeunna nu aya di alam baka…
tangtu rahmatna bakal dibuka…
amin…
nuraeni berkata
KALANGKANG HEULANG
Nungguan kalangkang heulang
Ngitung taun milang bulan
Beak waktu ilang poe
Ku harianeun taya datang nembongan
Duh gusti ……. kumaha abdi
Mundur leuwi,maju nyeri
Rek cicing meulitna ati
Dua windu kalangkung,raga geus salin rupa
Katineung geus jadi keueung
kaasih geus jadi peurih
Duh ….. kuharianeun teuing heulang
lapur kutaya pisan nembongan
Idik Sidik berkata
kang aya puisi anu mp3 teu ?
Yadi berkata
Papagah Aba ka warga Pangandaran
Abah ngarasa warga pang lama na..
saban saban tas shalat ashar abah nyawang ka sarakan abah Pangandaran
mang alam-alam abah tara datang ka tatar Pangandaran.
Abah ngarasa waas sadayana warga lama kababad warga anyar
warga anyar pangandaran tatakramana kawas warga barat..!
Malah warga Lama kababawa sakaba-kaba lantaran pangajak warga anyar
Saprak Tas Tabrakan parna Abah jarang nganjang ka Pangandaran
Abah nagrandapan papah ajrag-ajragan lantaran alat papah Patah,
Lantaran hayang nyawang ka sarakan kapaksa abah datang
sadayana warga lama sasalaman ka abah, ngan warga anyar kawasna asa-asa
warga lama balaka ka abah, waraga anyar tara patanya atawa nganjang ka warga lama, abag ngarasa was..was naha warga pangandaran kawas hayam tara patanya..!
Abah nyawang na angan angan kawasna masyarat pangandaran anyar ngan hayang ngarah
edih hernawan berkata
alah abah calakan lah kawas bapa sastra,
bapa sastra kalawan garwana angkat ka pasar,
maksad angkatna balanja kabaya.
lantaran kabayana rada marahal,
kapaksa bapa sastra kalawan garwana,
jajan martabak sajah ah…
lazivaly berkata
barabay… ca ah datang na palangkakan
Ade gumelar berkata
Basa jago mimiti disada
tina ranjang Ambu luncat kana
bulan
mulung bentang – bentang
nu diawurkeun ku sanghyang
lain keur Ambu sorangan
ambu datang mawa bentang
jaga bekel hirup urang
rumingkang di bumi alam.
Uuy Rahayu berkata
Jungjunan
Rancucut awak teu dirasa
Endah na harepan
Malah mandar jadi panglipur kalbu
Minuhan angen angen jeung harepan