Para panggung nagara marawa poster, démonstrasi, lantaran ngarasa diteungteuinganan ku rahayat. Pédah éta, rahayat ngahenang-hening, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, ari para pamingpin awak begang pikir rungsing. Enya, di nagara nu sugih mukti mah, nu démonstrasi téh pamingpin ka rahayat, sakumaha anu kapanggih dina carpon “Murang-Maring”. Geus hamo bireuk, kumaha gaya Godi Suwarna dina ngarang Carpon. Boa baris dituding ngaruag pakem, ngajungkir-balikkeun logika. Teu kasengker ku alam katut kailaharan. Baca entri selengkapnya »