Wuwung langit nu kasawang jangkung
ngawurkeun langgam hujan, halimpu nyulam puhu kalbu
meulah pikir maksa mieling lumampah diri
Geuning duriat teh lir gundam maca kelir langit
geumpeur ku honcewang ngadegkeun kahayang
ngundeur hariwang di galengan harepan jeung kanyataan
palangsiang boa kabagjaan sajati teh ukur kalangkang sulaya
Baca entri selengkapnya »
Arsip untuk ‘Ω Puisi Sunda’ Kategori
Wirahma Aksara
Posted by Badru Tamam Mifka pada 10 Maret 2009
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Wirahma Aksara | 19 Komentar »
Eunteung Katineung
Posted by Badru Tamam Mifka pada 1 Maret 2009
inspired by mien ardiwinata
layung koneng namperkeun katineung
duriat geus mangsana manjangan, jungjunan
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
ngagerihan, muntang hariwang
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Eunteung Katineung, sanjak | 7 Komentar »
Cinta Mah Moal Lapur ku Umur
Posted by Badru Tamam Mifka pada 27 Februari 2009
nganti jangji pasinina
harianeun pasini pegat di jalan,…duh geuning
balukarna tina asih malih warni jadi peurih
Impian biheung kasorang,…jungjunan
hariring ati nu kingkin….
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Cinta Mah Moal Lapur ku Umur | 16 Komentar »
Rusiah Cinta
Posted by Badru Tamam Mifka pada 27 Februari 2009
Nyatana hate mah teu wasa nahan wakca
sanajan ungkara dibaheum, sanajan tunggara disidem
Nyatana cinta mah sumerah manah
ngawarah caah amarah, nyimbeuh seuneu kageuleuh
Baca entri selengkapnya »
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Puisi, Rusiah Cinta, sanjak | 12 Komentar »
Kawih Kaasih
Posted by Badru Tamam Mifka pada 27 Februari 2009
inspired by melanie kuswandi
Hate mah lir kila-kila simpena langit
Meusmeus muyung tungtung layung
meusmeus melang ku hariwang
Piligenti ngagali wanci
silih bintih nurih kapeurih
Baca entri selengkapnya »
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Kawih Kaasih, Puisi, sunda | 10 Komentar »
Milangkala Kamelang
Posted by Badru Tamam Mifka pada 1 Januari 2009
Milang taun lir milang kalangkang
Ngonci wanci ku ingetan nu limpeuran
Gurudug diudag guludug umur
Nyangsaya kasura cucuk hirup
Sakapeung sasar ku hawar, Gusti,
Sakapeung geumpeur ku pati
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Milangkala Kamelang | 6 Komentar »
Jungjunan (2)
Posted by Badru Tamam Mifka pada 15 Februari 2008
Jungjunan…
Sok hoyong terang sareng kalangkang saha
anjeun ayeuna anteng neuteup girimis
Mungguhing wirahma rasa wanoja
lir haleuang nu disidem
Ukur wasa naratas implengan
Ngawawaas kumelip langit-langit ati
nu pinuh rusiah…
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Cinta | 9 Komentar »
Jungjunan (1)
Posted by Badru Tamam Mifka pada 28 Januari 2008
Bongan urang tepung, Jungjunan
najan saliwat mung tibelat nyegat
renung gumulung ngejat
tingkalacat cilingcingcat
ngagurat bengbat
Cuang-cieung neang katineung
Luak-lieuk meungkeut heuleut kageugeut
pupuntang dina regang kamelang
Ringkang nyorang lolongkrang kahayang
sakapeung keueung, Panutan,
sakapeung ludeung…
Ditulis dalam Ω Puisi Sunda | Dengan kaitkata: Ω Puisi Sunda, Cinta | 9 Komentar »
