mifka weblog

10 April 2007

Bebegig Sawah

Filed under: Ω Cerita Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 8:25 pm
Tags: , ,

Kuring nempo panon poé luhureun sirah. Panas naker.Poé ieu mah sinarieun,awak kuring ngésang pisan. Kuring asa keur jalan-jalan di Arab waé. Lamun geus kitu, kuring mah sok buru-buru lumpat ka jero masigit. Béda karasana awak téh lamun geus di jero masigit mah, tiis karasana, asa mandi di pancuran gigireun sawah di palemburan.


Isuk-isuk geus shubuh tadi kuring tuturubun kaluar ti imah jiga rék nyaba. Mapay galeungan sawah, rék ka jalan gédé. Méméh naék angkot, kuring néang heula tukang dagang sangu konéng, teu jauh ti jalan, rék mumuluk heula. Geus sababaraha bulan ieu, kuring pokona asa gaya, mawa tas hideung, maké sapatu, kaméja (urut lebaran) jeung ngajinjing map warna biru. Meureun batur nyangka kuring téh rék ngajar, nyangka kuring rék ngadosénan, padahal geus tilu bulan leuwih lilana kuring néang gawé, culak-cileuk, indit kaditu-kadieu. Tapi can aya nu nyangked waé pagawéan téh.

Salila ieu, uncag-incig néangan gawé téh gening capé pisan. Didieu ditolak, diditu ditolak. Di instansi ieu dianteup, di instansi itu dianteup—asa jadi bebegig sawah. Jaba beuteung lapar kabeurangnakeun, duit béak keur jatah jajan, tikoro garing jeung sirah asa jangar. Asa aral. Ditambah dompet beuki ngabeugangan, modal duit ngalalana néang gawé geus téréh orot. Asa tungkeb bumi alam, asa katindihan gunung. Pikiran ngarasa peuheur karasana. Pikiran ngarasa bararingung, jiga kapanggih ngareuneuhan budak batur waé. Tapi, meureun ieu mah can nanaon. Kuring moal éléhan. Lantaran tibaréto kuring diajar ku kolot kudu optimis.

Tapi geuning hirup téh seuseut nyatana. Béda jeung pikiran kuring baréto keur mangsa kuliah, asa ngababarikeun hirup. Kuring kuliah kaasup lila, jeung nyalsé rék lulusna. Lamun téa mah kolot teu mapagahan waé (bari saeutik nyarékan), teu burung kuring jigana bongkok kolot di kampus. Jabaning harita ogé aya hiji awéwé sakuliahan nu kabeneran jadi kabogoh teu bosen méré sumanget. Kapikir deui, anjeunna geus téréh di wisuda, wéléh kuring jauh mela-melu kénéh maké toga ogé. Rék teu éra kumaha. Rek teu sieun kumaha. Sieun engké jaga anjeunna pundung nungguan, kuring tungtungna mah ngeureuyeuh kuliah, ngebut néangan dosen, jeung kokoreh nilai.

Ayeuna kuring rék nyarita heula éta awéwé. Sebut waé ngaranna Néng Rahma. Rahmawati, lengkapna mah. Baréto, sanajan anjeunna geulis pisan loba nu bogoheun, kuring keukeuh ngudag-ngudag miceun kaéra. Lamun ngarunut koméntar jeung ramalan publik mah, kuring téh mustahil meunangkeun haté Néng Rahma. Sabab kuring téh kaciri pisan teu boga modal, kuring téh kacida pisan, saukur boga kahayang jeung saeutik boga kabisa nulis, eta ogé can kungsi waé dimuat di surat kabar, kalahka béak loba di kritik ku dosén. Mimitina kuring téh teu wani. Teu pédé. Kuring ngarasa tunarupa jeung tunaharta. Lamun inget kadinya mah, sok burung ngulapés deui ieu haté téh. Tapi tara lila, sabab sok inget, tibaréto kuring mah diajar ku kolot kudu optimis.

Tingseredet haté kuring mun ngadadak panggih jeung Néng Rahma. Mun pareng paamprok jonghok, asa patingsulabreng sora éngang jeung papatong dina haté kuring. Lamun teu éra jeung sieun mah sok hayang ngagabrug anjeunna maksud rék dibawa ka kolot di lembur. Tapi ditarima ogé acan, lulus kuliah ogé acan, gawé ogé acan. Teu kungsi lila, kuring bisa ogé wawuh jeung Néng Rahma. Harita mimitina Néng Rahma teu nyahoeun lamun kuring geus lila aya pikir kadua leutik ka anjeunna. Hay-hay ngan ér-ér. Lila kuring ngumpulkeun bekel kawani rék nanyaan haténa. Némbak, ceuk barudak ABG kiwari mah.

“Ulah kuméok méméh dipacok,” dosen kuring méré sumanget.
“Sanés kitu, Pak, sanés kuring teu wani nyatakeun bogoh ka Néng Rahma. Pangpangna mah éra mun ditampik. Éra tijengkang manah.” Kuring némbal semu éra.
“Sarua kénéh atuh kitu mah, Jang. Péhul.”

Tilu bulan ti harita, kuring bisa ogé nyatakeun bogoh jeung nanyaan ka Néng Rahma. Éta ogé bari rerengkogan. Lila pisan anjeunna ngajawab. Teu bisa répéh haté kuring nungguanna, poé ka poé teu puguh rarasaan, bulan ka bulan nungguan, jiga keur nungguan nu rék mayar hutang waé. Ratug jantung kuring, bangun ku panasaran. Lamun heug ditampik téh, jigana karasa geunjleung alam dunya. Sok hayang érép seuneu kapanasaran dina haté kuring. Ieu mah teu sirikna unggal peuting bebeledugan jiga petasan jeung lodong, kebulna mani nyerebung minuhan rohangan kamar sorangan.
Lila pisan kuring ngarasa dianteup ku Néng Rahma—asa jadi bebegig sawah. Tapi tibaréto kuring mah diajar ku kolot kudu optimis.

Opat minggu ti harita, Néng Rahma tungtungna ngomong daékeun, narima. Teu burung curinghak pisan haté kuring ngadéngéna, asa meunang arisan, asa meunang togél. Tungtungna mah jadian, istilah barudak ABG kiwari mah. Tisaprak éta, kuring ngarasa sagulung sagalang jeung kabagjaan. Abong harita kuring keur ngora kénéh, ditarima awéwé teh mani atoh pisan nepika ngajak neraktir jajan babaturan. Abong gratis jajan, éta barudak meni rewog daharna, cacamuilan nyewolan dahareun. Antukna kuring nganjuk ka warung Mang Dudung. Meni royal jiga hajatan. Padahal bobogohan téh beda jeung kawinan lin?

Rék sataun lilana kuring bareng jeung Néng Rahma. Kolot kuring ogé nyahoeun. Tapi teu salilana tentrem geuning bobogohan téh, kumaha wé rumah tangga, dodoja mah aya waé. Aya mangsana kuring jeung anjeunna paciwit-ciwit tutung mani romantis. Aya ogé mangsana kuring jeung anjeunna patiis-tiis pundung meni kaduhung. Kaalaman ogé panas haté timburuan, bobogohan asa minder, jeung sajabana. Wajar kénéh ceuk kuring mah. Néng Rahma ogé nganggap wajar.

Nu teu wajar mah jigana lamun kuring teu bener kuliah. Sabab implik-implik bakal hésé lulusna. Eta masalah nu kungsi kapikiran lila mah. Guling-gasah kuring jadina. Kudunamah kuring tiheula lulus sangkan geura meunang gawé. Pas Néng Rahma lulus, idéalna kuring geus mapan boga gawé jeung duit sorangan. Geus kitumah hayang rumah tangga ogé tinggal pok, babari, tinggal ngajukeun proposal ka kolot. Béda meureun fungsi kuliah ayeunamah, barudak diarahkeun kumaha néangan gawé. Béda meureun tujuan kuliah ayeunamah, geus lulus téh sok dititah gawé. Sakola téh geus jiga pabrik nyieun calon pagawé. Tapi kuring teu nyangka lamun tungtungna kuring éléh ku tuntutan hirup di imah, di masyarakat nu beuki pisan neangan duit. Sagalana di ukur ku duit. Padahal duit lain sagalana, tapi kolot sok malik némbal, yén sagalana kudu ku duit (kolot mah sok bisaan waé).

Sumpah wani ka surga, tisaprak inget Néng Rahma téréh lulus, kuring tungtungna getol kuliah. Tapi, wayahna pisan, kuring kapiheulaan ogé wisuda ku Néng Rahma. Kuring éra pisan. Beungeut asa beureum tilu poé lilana. Haté nyérését. Kuring mah sieun Néng Rahma pundung nungguan, jeung hambar haténa. Tidinya kuring beuki édan waé kuliah. But-bet kaditu-kadieu. Bébéakan pokonamah. Kuring ngarasa paudag-udag jeung rasa kaéra. Tapi dodojana méréskeun kuliah téh geuning teu leutik. Diditu-didieu dosen beuki duit, sagala kudu ngaluarkeun duit. Rajeung aya dosén teu beuki duit, sok hésé méré nilaina, titah ngulang ka seméster handap, jeung sajabana. Capé kana haté, capé kana awak. Diditu-didieu asa dianteupkeun ku dosén. Kuring ogé remen di pelak di fakultas—asa jadi bebegig sawah. Tapi kuring sabar, tibaréto kuring mah diajar ku kolot kudu optimis.

Kuring tungtungna mah nyadar, salila katukang kuring kuliah loba ngagugulung panyakit horéam, éta ogé saprak karasa pisan seueulna lantaran hésé méréskeun kuliah, jiga héséna néangan gawé zaman kiwari. Kuring nyadar salah. Kuring ngarasa kaduhung lamun kieu kaayaana. Kaduhung sagedé gunung. Antukna néangan gawé jadi teu konsén, asa diudag umur, asa diudag kolébat kalangkang Néng Rahma nu teu burung nungguan…

***

Kuring nempo panon poé luhureun sirah. Panas naker. Poé ganti ka poé, kuring can waé meunang gawé. Poé ayeuna lamaran gawé kuring ditolak deui. Kolot kuring jiga nu geus meulang, teu bosen nanyakeun waé iraha gawé, si Komar mah geus gawé di anu, si Beben mah geus kawin jeung si anu, si Eming mah geus boga budak, si Romi mah geus beunghar, geus boga motor, jeung sajabana. Nu reuwas mah pas narima telepon ti Néng Rahma nanyakeun ogé iraha kuring gawé, iraha kuring ulin ka imahna. Haté asa di belék, nyerina asa bisul asak dikoét sisir anyar meuli. Mun pareng balik ka imah ogé, nyeri haté éta beuki ngocéak. Haté leuwih kasinggung. Lantaran tatangga nanyakeun gawé dimana, saha calon pamajikan téh, iraha bosen léléngohan, jeung sajabana. Kuring mah sok seuri konéng, horéam némbalan. Komo lamun ngomongnya nyangkut-nyangkut gelar sarjana. Gelar sarjana karasa jadi beban nu beurat.

Lain éta waé nu nyieun kuring kasinggung. Teu saeutik aya waé budak dulur nu sok ménta duit keur jajan, jiga kuring geus gawé waé. Jigana budak mikir pondok yén sarjana téh loba duitna, teu beda jeung pikiran kolot-kolotna. Lamun budak nu méntana sorangan mah it`s okay, tapi ieu mah nu méntana lobaan. Kuring mah sok hayang molotot balik ménta duit ka éta barudak—bakating ku keuheul, bakating ku aral. Lamun di imah, kuring geus éra ku kolot, can bisa méré nanaon. Antukna ambek nyedek tanaga midek. Teu puguh pipikiran. Emosional, istilah budak mahasiswa mah.

“Mamah tong nanya waé iraha kuring gawé, iraha kuring boga duit, komo lamun nanya iraha kuring kawin. Kuring ogé jangar” ceuk kuring semu ambek.
“Nya atuh kawin wé heula, A. Nu penting hahal heula jeung Neng Rahma. Era ku tatangga léléngohan kénéh.”
“Mah, kuring keukeuh hayang gawé heula. Hayang boga imah heula. Sok inggis watir ka nu rék jadi pamajikan kuring. Kuring embung mawa batur balangsak.”

“Atuh kumaha ayeuna uncag-incig téh, geus aya nu nyangked?” indung kuring tungtungna nanya kitu. Kuring antukna sok ngahéab hate ngadéngéna.
“Puguh éta masalahna, Mah. Néangan gawé téh teu gampang, Mah.” Ceuk kuring rada ngahelas. “Kuring sok teu kuat nahan kaéra. Asa kahina waé hirup téh, Mah. Loba dipoyok ku nasib. Capé haté. Lamun kieu waé mah, kuring rék nékad munjung waé ka buta héjo atawa monyét bungur!”

“Astaghfirullah, A! Tong ngomong kitu. Musyrik kikituan téh. Ibadah urang jaga moal di tarima Gusti Allah. Teu meunang, Jang! Lamun si Bapa ngadéngé omongan bieu, pasti ambek. Sing panceg ka Pangéran! Istighfar! Tong ingkar kana papagon agama!” ceuk indung kuring semu soak, sorana mani dareuda. Kuring ngarénghap panjang. Kuring nangtung deukeut jandéla, nempo kaluar imah. Teu lila muka panto, tuluy ngalamun di téras imah. Sirah kuring asa heurin jeung beurat mikiran hirup. Lamun katémpo kuring keur ngalamun kieu, lanceuk kuring nu awéwé sok ngahaja nyampeurkeun.

“Sing sabar waé nya, A. Lamun sabar mah engké gé meunang pagawéan. Éta ogé sabar mun bari terus ikhtiarna. Tawakal. Tong poho, sholat jeung ngadoa ka Gusti Alloh. Kadé poho ngaji, méh hirup barokah. Kadé poho ogé, tong wani-wani nganyerikeun haté kolot. Omat.” Ceuk lanceuk kuring mapagahan. Pikiran kuring karasa panas, asa loba dibintih kaambek. Lamun karasana eungap ngalamun di téras, kuring sok leumpang mapay galengan sawah, tungtungna ngalamun lila di saung, mikiran kumaha ka hareup.

Sawah paréna geus katempo jarangkung. Teu karasa. Kuring sok ngalamun éta sawah kuring. Tapi kabéh gé nyaho, éta mah sawah Haji Oman. Antukna kuring murung, ngan ukur bisa ngoyag-ngoyag tali bebegig—asa ngoyag-ngoyag diri sorangan waé. Naon bédana bebegig sawah jeung kuring, saruana katempo teu bisa nanaon.

Isukna kuring masih kénéh ngasup-ngasupkeun lamaran gawé. Lamun keur reureuh, kuring sok hayang maca iklan di koran, sugan wé aya lowongan gawé nu cocok jeung kabisa kuring. Kahayangna mah papanggih di jalan jeung jelema nu butuh pagawé. Mugia mobok manggih gorowong. Tapi da lain sinetron ieu mah. Lamun pikiran ieu teu ditalian ku iman mah, kuring téh tikamari jigana geus jadi copét, malingan duit batur. Atawa munjung ka buta héjo jeung monyét bungur. Tapi amit-amit kudu kitumah, mending milih beunghar meunang duit tina kuis di tivi. Pokonamah, kuring embung milampah jalan goréng lantaran hirup susah. Kuring embung neukteuk curuk dina pingping, nurut paribasa mah. Kuring kudu watir ka kolot. Watir kanu nyaah ka kuring. Kudu watir ogé ka diri kuring sorangan. Kuring kudu boga duit ku hasil nu bener. Soal gawé mah, lamun urangna terus ikhtiar bari jeung doa, insya Alloh bakal karadapan. Kuring kudu yakin, sabab tibaréto kuring mah diajar ku kolot kudu optimis.

Di sisi jalan ieu, kuring ngalamun kaditu-kadieu, tapi tungtungna mah ngorénjag digeuingkeun adzan asar jeung sora kukurubukan dina beuteung. Kuring poé bieu teu bisa jajan pisan. Tadi ogé di imah kungsi meunang kakesel. Nyangka mah duit téh geus pinuh dina céléngan, geus puluh rebuan, ari heug ngan ukur sarébu dua ratus pérak deui, geuningan geus lila ngeureuyeuh dicokelan ku alo kuring keur maén ding-dong jeung meuli langlayangan. Jadi wé poe bieu nahan beuteung lapar. Rék jajan téh asa-asa, aya ogé duit keur ongkos balik, maenya kudu balik jéngké mah. Di jalan masih ramé, kuring cicing ngahuleung—asa jadi bebegig sawah.

***

Panon poé asa katempo di luhureun imah kuring. Téréh burit. Mapay galengan sawah asa inget ka Néng Rahma keur bareto kuliah, leumpang duaan. Kuring sok hayang buru-buru nyaho kumaha kabar Neng Rahma ayeuna. Kuring sok hayang nelepon. Mugia Néng Rahma sabar nungguan kuring. Lain kuring teu wani ngajak kawin ayeuna-ayeuna, tapi sok inggis era ku kolot Néng Rahma, sieun ogé Neng Rahma teu sugema diajak hirup susah, antukna rumah tangga jadi garing. Pokonamah kuring hayang boga panghasilan heula, méh teu mikir nu lain-lain, méh Néng Rahma betah, teu ngarumas.

Ti kajauhan, barudak leutik katempo keur ulin di buruan imah kolot kuring. Ramé pisan. Jigana parebut langlayangan deui. Aya hiji-dua tatangga ogé nongkrong di téras imah. Deukeut beuki deuket, kuring asa rék asup ka liang kubur waé. Pasti barudak ménta duit. Pasti tatangga nanya itu-ieu. Pasti kolot nanya sarua.

Kakara ogé asup ka imah, can ogé kaburu diuk, kuring geus disampeurkeun kulanceuk awéwé, bari méré surat warna ungu. Lanceuk kuring rék ngomong, tapi katempona asa-asa. Kuring kerung nempo éta surat. Kuring buru-buru narima eta surat, muka éta surat. Reuwas pisan pas katempo aya surat ondangan, reuwas pisan pas macana: Néng Rahmawati S.Sos. rék nikah ka Asep kasepakkuda S.Sos.I. Kuring lemes macana. Jantung asa bitu. Haté kuring asa disuruduk bagong anakan. Perih asa teu katulungan. Teu lila tidinya, cipanon kuring merebey. Tungtungna mah lanceuk kuring nu awéwé jeung indung kuring nyaksian bari nginghak, nyegruk ceurik

“Sing sabar, A…” ceuk indung kuring bari ramisak. Kuring kalahka nyuuh kana harigu indung. Ngilu ceurik. Asa geus asak kapeurih hirup téh, Mah. Na Néng Rahma teu satia ka kuring?

Teu lila ti dinya kuring loba ngahuleung jiga nu leungit kainget—asa jadi bebegig dina sawah kahirupan. Na ku hésé pisan rék ikhlas téh. Néng Rahma, mugia anjeun bagja jeung salaki anjeun. Tong poho, anjeun doakeun kuring sing gancang beunghar. Kuring ogé ngadoakeun anjeun énggal janten randa. Punten, Néng Rahma, tibaréto kuring mah diajar ku kolot kudu optimis… []

[Draf] Galideur:

Angin Peuting di Jatinangor
Kalangkang Nu Imut
Nyiar Duit
Rènghap Eulis
Reumis, sisa Girimis
Saung Katineung
Galideur

[Draf] Hoghag:

Bebegig Sawah
Bulè Sasab
Domba Mang Nana
Hitut
Hoghag
Kasurupan Jurig
Nu Mangkat Nyaba
Parebut Tuti
Tumbila dina Raray Anjeun

[Draf] Borosot:

Borosot
Hanjakal
Jangjang Kahayang
Orowodol
Jangji Pasini
Kaduhung ka Bandung
Kolor Logor
Merewedeng

10 Komentar »

  1. Sayang sekali abdi teu ngartos basa sunda… sa aya-ayana wae ieu… teu nambih2 acan opat taon ti itb… *halah*

    Komentar oleh ardee — 21 Mei 2008 @ 6:24 am |Balas

  2. selvi handayati

    Komentar oleh yudhiipramudyaa — 12 Oktober 2009 @ 12:28 pm |Balas

  3. selvi handayati x tkj 3

    Komentar oleh yudhiipramudyaa — 12 Oktober 2009 @ 12:29 pm |Balas

  4. nita yanti xtkj 3

    Komentar oleh nita yanti x tkj 3 — 14 Oktober 2009 @ 11:33 am |Balas

  5. nita yanti x tkj 3

    Komentar oleh yudhiipramudyaa_82@yahoo.com — 14 Oktober 2009 @ 11:35 am |Balas

  6. gina husnia x tkj 3

    Komentar oleh yudhiipramudyaa_82@yahoo.com — 14 Oktober 2009 @ 1:14 pm |Balas

  7. rafika eltria x tkj 3

    Komentar oleh yudhiipramudyaa_82@yahoo.com — 15 Oktober 2009 @ 1:12 pm |Balas

  8. riska wati x tkj 3

    Komentar oleh yudhiipramudyaa_82@yahoo.com — 15 Oktober 2009 @ 1:13 pm |Balas

  9. asa nyeredet kana hate,,tapi aya seurina lamun di campur ku bodor mah..haha nuhun ah..sae pisan.

    Komentar oleh aki — 23 April 2010 @ 4:48 am |Balas

  10. Kampret eta nu nyarita. ngakak wwkwkwkwkw

    Komentar oleh dinan — 22 Mei 2011 @ 3:29 pm |Balas


RSS feed for comments on this post. TrackBack URI

Kirim komentar

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Blog di WordPress.com.

%d blogger menyukai ini: