mifka weblog

11 Mei 2012

FiksiMini Sunda: Panon Nyi Iteung

Filed under: Ω Fiksimini Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 4:50 am
Tags: , , ,

Dina eunteung kamar, ngolébat raray Nyi Iteung. Kacipta lenjang nganggo kabaya panjang. Sapeupeuting, Kang Kabayan ngahariring, teu genah cicing. Sakapeung cindekul ngapalkeun ijab kobul. “Tarima abdi nikah ka Nyi Iteung…” Teu kendat-kendat, katalar pisan. Kang Kabayan seuri sorangan. Tapi sakapeung sora jam dingding ngagiles keteg jajantung, sok laju gura-giru wudu ngumbah guligah. Hayang geura-geura isuk…

Bray, panonpoé muka dangding harepan, pating gurilap pakéan Kang Kabayan bakating ku ginding. Aya nu gagah diabring-abring; haleuang dijajap tembang. Jalma silihbadug, hayam silihtokér, pahareup-hareup deukeut pangantén.


Gék pangantén dariuk, réréndengan. Cahya kaméra patingburinyay. Teu karasa sasalaman gé, beuki muntah sora jelema gé, atuda panon Nyi Iteung lir panon Hawa ka Adam—neuleumkeun raraméan, neuleumkeun raga Kang Kabayan, asa duaan… Gebeg aya nu nepak “buru, ngomong… tarima abdi nikah…kituh” aya nu ngaharéwos tukangeunana bari nyiwit cangkéng. Bari semu aga-eugeu, Kang Kabayan ngomong: “Tarima abdi nikah… eu.. ngilangkeun hadats alit…”
Ad-duh… Ki Momon nepak tarang.

Nu sanesna:

DI KAMAR KONTRAKAN

HATÉ MAH…

NU MULANG

WIRANG

Sumber: Fiksimini Sunda

6 Komentar »

  1. na ari kang kabayan atuh bet caliweura, jadi we nyi iteungna diculik ku lebe

    Komentar oleh Halimun Giri — 16 Mei 2012 @ 1:13 pm |Balas

  2. Hatur nuhun kang artikelnya bagus :) saya izin kopas2 yaartikel yang menarik nya :)

    http://www.storiesme.com/story/1198/panon-nyi-iteung/

    Komentar oleh Sun Dae — 6 Juni 2012 @ 8:43 pm |Balas

  3. alus kang, nyuhunkeun izin copy artikelna

    Komentar oleh encep — 7 Juni 2012 @ 6:46 am |Balas

  4. Salam Kenal Ya.. :)

    Komentar oleh jaka — 13 Juni 2012 @ 9:46 am |Balas

  5. langki mendakan jelmi nu kagungan pembendaharaan basa sunda sae tur, relatif kangge abdi, sae oge merenah. diantos postingan anu sanesna. panceg dina galur, dulur, sakali sunda salawasna sunda, moal nyingkah najan awak lapur.

    Komentar oleh Hilman Panji Firdaus — 1 Juli 2012 @ 4:23 pm |Balas

  6. sukses selalu..salam kenal ya? nggak ngerti bahasa sunda masalah nya

    Komentar oleh aqila — 8 Agustus 2012 @ 4:34 pm |Balas


RSS feed for comments on this post. TrackBack URI

Kirim komentar

Buat situs web atau blog gratis di WordPress.com.