You are currently browsing the tag archive for the ‘Sawer Panganten’ tag.

Kapara tamu sadayana
Warga wargi nu araya
Abah nyelang nyawer heula
Antosan da moal lila

Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang
Ujang masih keneh bujang
Nikah kanu geulis lenjang

Baca entri selengkapnya »

1. Rarépéh pameget istri,
ieu rék ngawruruk putri,
piwuruk terus jeung santri,
supaya jadi pamatri.

2. Kuring isin mah kantenan,
ku sadaya nu mayunan,
disebatkeun nanaonan,
ngalilakeun kaoganan.

3. tapi neda suka lillah,
da ieu rék ngawér heula,
nyukakeun pada kaula,
sakieu mah moal lila,

4. Ngalungkeun sakieu mah,
padamelan nu di imah,
mokaha lain percumah,
ngalap ganjaran walimah,

5. Jeung ieu ucap-ucapan,
lain heureuy karesepan,
lamun leukeun ngalantipan,
hasilna antep-antepan.

6. Ya Alloh anu kawasa,
nu maparin nimat rosa,
mugi ieu paribasa,
nyangsang na ati manusa.

7. baeu bangkeut nu saranten,
nu mahal tibatan inten,
darangukeun ku maranten,
pitutur hasil teu kinten,

8. Hiap ka dieu istrina,
urang wuruk pangheulana,
nyai sing hadé nampana,
piwuruk alap eusina.

9.Mun kasumpingan tatamu,
sing singer ulah kamumu,
nulak wiwirang sang timu,
ambéh carogé teu nyemu.

10. élingkeun masing ngalemah,
mun carogé teu di imah,
ulah rék nyaba percumah,
pelesir seug ngadon nyémah.

11. Jeung mun rék angkat-angkatan,
masing bérés nya pamitan,
kadé ulah sosobatan,
jeung istri lenger bengbatan.

12. Tatapi di panyabaan,
ulah ngeunah kalilaan,
liwat tina pasejaan,
bisi manggih pacelaan.

13. Lamun arék barangbikeun,
anu patut diragemkeun,
kadé ulah disidemkeun,
méméh sok kudu béjakeun.

14. Ambéh kunu dibéréna,
dialuskeun duanana,
salaki ngeunah manahna,
malik ka nyai asihna.

15. Geus tamat muruk istrina,
hiap kari pamegetna,
ujang poma sing nyantana,
daréhdéh hdé budina.

16. Ka bojo masing prayoga,
ulah sok nyiar cécéga,
ulah nyapirakeun harga,
awéwé moal kaduga.

17. Nyaéta kudu nyukakeun,
ulah kumaki ngépéskeun,
ngahuap jeung nyapirakeun,
sok matak malik nyusahkeun.

18. Bangsa anu leuleutikan,
lamun boga mimilikan,
terangkeun ka pamajikan,
ulah salingkuh tiktikan

19. Mun ka bojo niat pelit,
tangtu haténa nyungkelit,
manan nurut anggur sengit,
anjogna papelit-pelit

20. Tah kitu bisi teu nyaho,
tuluyna silih dodoho,
mana kudu ulah poho,
kudu bawa sakanyaho,

21. Jeung lamun hayang nyerahkeun,
ulah gawok diturutkeun,
kudu ditahan reureuhkeun,
sing asak beuweung utahkeun.

22. Kudu layeut reujeung bojo,
masing bur beureum bur héjo,
loba ketan loba kéjo,
kolot sina ngeunah nénjo.

23. Hadé budi ka pangampih,
jeung tatangga runtut rapih,
pamrih loba anu asih,
ménak kuring wedi asih.

24. Mugi tetep kaIslaman,
maot mugi mawa iman,
di dunyana masing aman,
ayeuna geus ahir jaman.

25. Masing kukuh ka sasaka,
kudu inget ka pusaka,
ulah héroy ku salaka,
kudu hayang meredika.

26. Kudu pageuh katuturan,
baheula téh pajajaran,
anu mimiti nyauran,
ulah sok katalanjuran.

27. Kuring nyawér téh geus réngsé,
sakitu kuring nya jampé,
sugan sakitu gé sampé,
lumayan keur baris kopé.

28. Ongkoh lamun papanjangan,
isin temen ku ondangan,
geus ngurubuk patuangan,
ngantos-nngantos pamasangan.

29. Mangga atuh peribumi,
ieu pangantén geus lami,
geura calikeun ka bumi,
dina amparan nu resmi