mifka weblog

11 Mei 2012

FiksiMini Sunda: Panon Nyi Iteung

Filed under: Ω Fiksimini Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 4:50 am
Tags: , , ,

Dina eunteung kamar, ngolébat raray Nyi Iteung. Kacipta lenjang nganggo kabaya panjang. Sapeupeuting, Kang Kabayan ngahariring, teu genah cicing. Sakapeung cindekul ngapalkeun ijab kobul. “Tarima abdi nikah ka Nyi Iteung…” Teu kendat-kendat, katalar pisan. Kang Kabayan seuri sorangan. Tapi sakapeung sora jam dingding ngagiles keteg jajantung, sok laju gura-giru wudu ngumbah guligah. Hayang geura-geura isuk…

Bray, panonpoé muka dangding harepan, pating gurilap pakéan Kang Kabayan bakating ku ginding. Aya nu gagah diabring-abring; haleuang dijajap tembang. Jalma silihbadug, hayam silihtokér, pahareup-hareup deukeut pangantén.

(more…)

FiksiMini Sunda: Di Kamar Kontrakan

Filed under: Ω Fiksimini Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 4:41 am
Tags: , , ,

Saban peuting, sora tipi pasesedek jeung haseup roko. Mulek lir haseup pabrik. Di kamar leutik nu remeng-remeng, peuting ieu kuring sorangan kénéh, maturan guligah sajak luhureun asbak. Reup bray rohangan, leungeun teu daék cicing mencétan rémot, meusmeus warta kriminal, meusmeus iklan… Panon beuki karasa peurih, tapi hésé saré. Duh Gusti, sakapeung peurih haté, sono ka lembur… Tipi dipareuman, poék—mingkin seukeut tina jandéla kamar, lapat-lapat sora napas kuda. Sakapeung hohoang, asa nyakar garingna tikoro. Teu kungsi lila kadangu hujan turun, régang tatangkalan ngaregéh, méméh birahina tépa, nurih angen kuring…

(more…)

Blog di WordPress.com.