mifka weblog

11 Mei 2012

FiksiMini Sunda: Panon Nyi Iteung

Filed under: Ω Fiksimini Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 4:50 am
Tags: , , ,

Dina eunteung kamar, ngolébat raray Nyi Iteung. Kacipta lenjang nganggo kabaya panjang. Sapeupeuting, Kang Kabayan ngahariring, teu genah cicing. Sakapeung cindekul ngapalkeun ijab kobul. “Tarima abdi nikah ka Nyi Iteung…” Teu kendat-kendat, katalar pisan. Kang Kabayan seuri sorangan. Tapi sakapeung sora jam dingding ngagiles keteg jajantung, sok laju gura-giru wudu ngumbah guligah. Hayang geura-geura isuk…

Bray, panonpoé muka dangding harepan, pating gurilap pakéan Kang Kabayan bakating ku ginding. Aya nu gagah diabring-abring; haleuang dijajap tembang. Jalma silihbadug, hayam silihtokér, pahareup-hareup deukeut pangantén.

(more…)

Buat situs web atau blog gratis di WordPress.com.