mifka weblog

1 Januari 2008

Wilujeng Sumping, Anaking

Filed under: Ω Puisi Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 5:26 am
Tags: , ,
Anaking…
Bismillah ngayuga lampah, Anaking
Balukar jangar neunggar kahayang
Balukar sasar medar rumingkang
Sing jembar sabar
Tong jadi hambar ihtiar…Kalangkang beurang sok ngolo
Hariring peuting sok ngadodoho
Raksa rasa ukir pikir

Mun gering tong rungsing
Mun cageur tong badeur
Sujud mun pareng dipinding
Sukur mun pareng dipondong

Ulah ceurik jadi jalma leutik
Ulah sombong abong di gedong
Lain batur, kabeh ge dulur
Neang halal, awurkeun amal
Ulah lieur ku madu dunya
dumeh perlaya moal sulaya…

Januari 2008

1 Februari 2007

Sumalindung

Filed under: Ω Puisi Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 5:24 am
Tags: , ,
Najan liwung kakurung tungtung
Najan muyung kakurung layung
Jung sumalindung kanu Agung
Duh, Gusti wiati pangarti
Nu sajati mariksa ati
Nu rancage ngawasa simpe hate
Nu ngatur sesa umur
Nu suci ngaraksa wanci
Salawasna hirup jeung pati moal pahili

Najan gumulung digelung untung
Najan nangtung manggung di gunung
Jung sumalindung kanu Agung

Duh, Gusti malati sanubari
Anging Anjeun nu surti
hariring kuring
Boh eunteup dina keukeup raheut
Boh eunteup dina keukeup geugeut
Salawasna teuteup Anjeun tuhu dina puhu kalbu…

Sumedang, Februari 2007

1 Juni 2006

Harta Sajati

Filed under: Ω Puisi Sunda — by Badru Tamam Mifka @ 5:13 am
Tags: , ,
Baluas emut mangsa lawas
kagagas keur meuntas
tipoek ka caang
nu dengdek keur leumpang
ditengkas ku bedas cadas
nu neang bagja ceuk beja
nu nyiar welah guligahDibedahkeun cimata
pikeun ngaguar harta dunya
Gening harta teh didieu,
tibelat nu wening ka
Gusti nu suci…

Juni 2006

Blog di WordPress.com.