mifka weblog

21 Mei 2008

Contoh Teks Sawer Panganten (2)

Filed under: Zero — by Badru Tamam Mifka @ 3:57 pm
Tags: , ,

Nyukcruk galur ti karuhun
Nutur lacak para wali
Nyambung ka bala rea
Titinggal ti nini aki
Ngawaris kabudayaan

Seni sunda sawer asli
Seni sunda pikeun suluk
Gambaran siloka diri
Hirup ulah kajongjonan
Mawa diri sing taliti
Satincak make pikiran
Pikiran ieu pepeling
Papeling jalan pituduh
Nuduhkeun diri sing lilir
Hahalang lugay disinglar

Mun hayang salamet diri
Di dunya ukur ngumbara
Peupeujeuh sing repeh rapih
repeh rapih nu salembur
ka cai sing getol mandi
ka darat sing getol solat
pageuh pakuat-pakait
ulah ingkah bali-lahan

ancrubna ngajadi hiji
ngahiji ngajadi dulur
Sadaya mahlukna Gusti
Hubungan sabilulungan

Kedalkeun katineung ati
Ka ibu sareng ka rama
Naneda ka Maha Suci
Neda agung cukup lumur
Neda jembar pangaksami

Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring
Nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

Cikaracak Ninggang Batu
Laun-laun jadi legok
Tai Cakcak ninggang huntu
Laun-laun dilebok
SAWER PANGANTEN

Bismillah damel wiwitan
Mugi Gusti nangtayungan

Tatan – Yuli nu rendengan
Mugia kasalametan

Salamet nu pangantenan
Ulah aya kakirangan
Sing tiasa sasarengan
Sangkan jadi kasenangan

Sing senang laki rabina
Nu diwuruk pangpayunna
Nyaeta bade istrina
Masing dugi ka hartina

Hartikeun eulis ayeuna
Leubetkeun kana manahna
Manawi aya gunana
Nu dipambrih mangpa’atna

Mangpa’atna lahir batin
Yuli teh masing prihatin
Ayeuna aya nu mingpin

Ka caroge masing tigin
Tigin Yuli kumawula
Ka tatan ulah bahula
Bisi Tatan meunang bahla
Kudu bisa silih bela
Silih bela jeung caroge
Ulah ngan palesir bae

Mending oge boga gawe
Ngarah rapih unggal poe
Repeh rapih nu saimah
Rumah tangga tumaninah

Tapi lamun loba salah
Laki rabi moal geunah
Bisi teu genah ku raka
Prak bae wakca balaka

Lamun tatan goreng sangka
Buru bawa suka-suka
Suka-suka ti ayeuna
Da yuli atos laksana

Ngajodo anu sampurna

Ngahiji salalamina

Salamina sareng dulur
yuli kudu bisa akur
Akuran ka unggal lembur
Sangkan jadi buah catur

Mun catur sing seueur bukur
Ulah ngan kalah ka saur
Napsuna ulah takabur
Hirup resep loba batur
Sareng batur kudu jujur
Layeut reujeung nu sakasur

Runtut raut salelembur
Nagara ge subur ma’mur
Subur ma’mur sauyunan
Mun aya tamu payunan

Tapi ulah timburuan
Bok bilih silih benduan
Ngabenduan ka caroge
Ngan ulah pasea bae

Enggal atuh geura hade
Ambeh geugeut saban poe
Saban poe ulah lali
Titik rintih suci ati

Tembongkeun sing bear budi
Ciri nyaah ka salaki
Lalaki mun sok nyandung
Omat ulah waka pundung

Komo lamun bari bingung
Keun antep sina ngaberung
Ngaberung tong dihalangan
Asal cukup sandang pangan

Sina lilir ku sorangan
Sangkan panggih kasenangan
Senangkeun yuli pikiran
Pikiran didadasaran

Tukuh muntang ka Pangeran
Supaya meunang ganjaran
Ganjaran ti Maha Suci
Enggal atuh geura tampi

Ayeuna yuli ngahiji
Sakapeurih sakanyeuri
Sakanyeri jeung salaki
Mun yuli seueur rejeki

Poma ulah sok kumaki
Masing tumut ka salaki
Tumutkeun eulis ayeuna
Ayeuna tos laksana

Laksana dating jodona
Hate bangblas lalugina
Lugina dunya aherat
Gusti maparinan rahmat

Kana waktu ulah telat
Disarengan silih hormat
Silih hormat ka sasama
Sing nyaah ka ibu rama

Lakonan parentah agama
tangtuna hirup sugema
Sugema hirup di dunya
Nyaeta kudu tatanya

Rek nanya pek kanu enya
Badanna buru ditanya
Tanya bae ku hatena
Tah eta pikeun saksina

Saksi diri pribadina
Nu tara jalir jangjina
Mun jangji nu ngajadi
Eta jangji anu pasti

Pasti jodo ti ajali
Pikiran cengeng ka Gusti
Gusti mah teu weleh nyaksi
Nyaksi gerentesna ati

Ucap lampahna kasaksi
Satincak-tincakna ngarti
Hartikeun masing karaos
Ulah luas-luis leos

Sumawonna poporongos
Pilari jalan nu raos
Raoskeun jaga ku yuli
yuli ulah sok gumeulis

Najan geulis baris ledis
Ninggang mangsa titis tulis
Titis tulis bagja diri
Patokan nu ti ajali

Kajeun siga widadari
Da moal beunang dibeuli
Dibeuli ku harta banda
Da moal bisa kajaga

Nu tangtu bakal ngaduda
Nyicingan di alam baka
Alam baka kalanggengan
Langgeng rasa ka Pangeran

Supaya ulah rayungan
Ngabogaan papacangan
Boga rasa kudu ngarti
Tata titi surti arti

Kudu silih beuli arti
Pikiran dadamelan Gusti
Gusti Allah nu kawasa
Ngayakeun dunya tiasa
Pepek eusi dunya rosa

Sayagi pikeun manusa
Manusia mahluk punjulna
Palinter pangabisana
Ngakalan eusi dunyana

Nu kantun tumarimana
Tumarima ka Pangeran
Tumutkeun kana dawuhan
Qur’an hadist tuduh jalan
Ti para Nabi panutan

Panutan urang sadaya
Poma ulah rek cangcaya
Sadaya kudu percaya
Ka Gusti Allah nu Mulya

Mulyana nu Maha Agung
Sing saha bae ditulung
Ku bumi alam dijungjung
Nyaahna kaliwat langkung

Nyaah bae nu Kawasa
Ka masing-masing manusa
Ulah dir gagah perkosa
Bisi urang loba dosa

Dosa mah ti pada jalmi
Welas asih ka sasami
Micinta ka lemah cai
Layeut jeung batur sabumi

Sing layeut laki rabina
Ulah aya kuciwana
Silih anteur kahayangna
Akur reujeung barayanna

Mun akur ka sadayana
Tembongkeun budi basana
Nu bener tingkah polahna
Supaya hirup sampurna

Sampurna euis ayeuna
Yap kadieu pamegetna
Bapa bade ngawurukna
Diregepkeun ku asepna

Regepkeun teh ku hatena
Bapa mepelinganana
Tadina tatan ngaduda
Ayeuna mah gaduh garwa
Sareng garwa kedah layeut
Sing rapet sacara leugeut

Poma ulah pikir heureut
Sangkan silih pikameumeut
Kanggo ka pameget…tatan

Mikameumeut sareng bojo
Laksana tatan ngajodo
Tapi lamun ngabobodo
Bojo moal mikasono

Mun sono tatan ka istri
Sing pageuh saperti patri
Campur gaul sareng santri
Kalayan ati nu suci

Nu suci pasti baresih
Tara aya nu dipamrih
Ka bojo teu weleh asih
Sagala sareng pamilih

Pilih ku tatan ayeuna
Nya pek tanya ku hatena
Nu goreng jeung nu hadena
Sing karasa kudirina
Diri pangasih Gustina
Gusti mah moal nyiksana
Moal bade ngaganjarna
Kumaha wae amalna
Amal hade tangtu genah
Laki rabi tumaninah
Lamun amal anu salah
Jaga baris nyorang susah
Susah lamun teu ngarobah
Nu ngajak ngarah ngarinah

Napsu nu mawa sarakah
Pek atuh pake ibadah
Mun ibadah anu tangtu
Bagikeun kanu pihatu

Mikeuna tong ragu ragu
Bilih istri janten bendu
Bendu istri tatan bingung
Ulah waka sok ditundung
Lamun istri terus pundung

Pangmeserkeun geulang kalung
Geulang kalung serba sae
Enggal atuh geura angge

Dianggena saban poe
Nu kantun pelesir bae
Palesir yuli ka kota
Tah bawa duit sajuta

Mun aya kahayang menta
Tatapi ulah lahuta
Lahuta aya kahayang
Nyariosna ngagorolang

Nu bakal moal kasorang
Pikir anu mawa Bingbang
Bingbang bongan sok sulaya
Mikahauang anu teu aya
Akhirna pakia-kia

Ngajauhan ka baraya
Baraya lamun ngahiji
Eta nu langkung utami
Hubungan anu sajati

Ngariung sapara wargi
Wargi asep sadayana
Sakitu mikadeudeuhna
Barungah dina manahna
Nu janten ibu ramana
Ibu rama ngiring du’a
tatan ngagaduhan garwa
Istrina lamun satia

Hiji bae tong ngadua
Ngadua gaduh istrina
Moal beres salamina
Pakucrut rumah tanggana
Mun teu cocog jeung agama

Era atuh ku tatangga
Sapopoe ngan pasea
Ku istri dipikangewa
Ku tatangga dilelewa

Lamun boga harta banda
Sing kuat nahan gogoda
Bisi kagoda ku randa
Pikir heula jero dada
Pikir tatan sing waspada
Supaya teu ngarasula

Mun keukeuh piker midua
Akibat jadi pasea
Pasea jeung pamajikan
Napsu setan barangasan
Teu ngajadi kauntungan
Tetep dina karugian
Rugi lamun ngumbar napsu
Napsu pangajak nu palsu
Ngaranjing ngajadi asu
Nu tangtu badan kalangsu
Kalangsu bongan sorangan
Osok daek ririungan

Mimitina heuheureuyan
Dina tempat pamaenan
Maen dadu maen kartu
Eleh meunang tacan tangtu
Mun meunang udud surutu

Mun eleh ngobral sapatu
Ngobral barang kawalahan
Harta banda dijualan
Di imah awut awutan
Lebur ancur bebeakan
Beak duit dipikiran
Eleh maen kawalahan
Tapi keukeuh panasaran
Napsu teu beunang ditahan
Ditahan henteu katahan
Dipikir terus-terusan
Datang napsu panasbaran
Setan iblis ngadeukeutan
Setan nu ngajak jarambah
Nu mawa kana sarakah
Dipake kana awuntah
Disorang napsu nu runcah
Rucahna antep-antepan
Teu ngareret rerencangan
Cicing dina palacuran
Teu inget ka pamajikan
Pamajikan teu direret
Duit metet dina dompet
Tapi mere kekerehet
Ku tariktarikna pelet
Kapelet ku pamakena
Pabeulit pikiranana

Teu karasa ku dirina
Diumbar wae napsuna
Napsuna mangprung ngaberung
Teu aya anu dirarung
Miboga rasa adigung
Tungtungna ripuh jeung bingung
Bingung bongan osok salah
Teu bisa nahan amarah

Jangji ka batur sok gaplah
Teu inget kana papatah
Papatah ti para sepuh
Ulah boga rasa angkuh
Mun jangji kudu sing tukuh
Ucap lampah masing ampuh
Masing ampuh ti ayeuna
Sing bisa mawa hirupna

Jauhkeun napsu gorengna
Deukeutkeun napsu hadena
Deudeuh teuing putra ibu
Omat tong ngalajur napsu
Ulah maen lacur ngadu
Mun bener nyaah ka ibu
Nyaah deudeuh mikasono
Ciri pola kanggo conto

Mangka hade ulah poho
Bojo teh bawa lalajo
Lalajo Bari palesir
Tingali sisi basisir
Sugan awas tina pasir
Alam dunya geura taksir
Geura taksir pangaturan
Dadamelanna Pangeran
Aya gedong matak heran

Luhur pageuh nanakeran
Teu ngaruag teu ngarieg
Sakitu eusina uyek
Pirang-pirang nu ngaleyek
Tapi hanteu ngarempeyek

Ya Allah anu ngayuga
Ieu alam ngan nyalira
Bumi langit ge tohaga
Eusina mani pohara
Eusi dunya warna-warna
Cahaya panon poena
Sato tatangkalanana
Tawisan keur manusana
Manusa maruji sukur
Ka Gusti Allah nu ngatur
Panganten sing subur ma’mur

Kalayan hirupna jujur

Masrahkeun raga jeung nyawa
Nanging engkang kedah ngucapkeun sahadat
Syarat Percaya Ka Gusti Allah

“Ashaduanlaillahailallah
Waashaduannamuhammadarasululllah”

“Robbanaatinafidunya hasanahtawwakinaadabanar”

9 Komentar »

  1. […] Baca entri selengkapnya> […]

    Ping balik oleh Kumpulan Sawer Panganten « Mifka Weblog — 21 Mei 2009 @ 4:15 pm |Balas

  2. punten kang …
    bade nyungkeun widi disedot …
    hatur nuhun sateuacana …

    Komentar oleh oeroeg 3 roet — 5 Februari 2011 @ 4:23 am |Balas

  3. Punten kang, pribados ngopi ieu kalimah… sae pisan kaleresan nuju diperyogikeun.
    Hatur Nuhun

    Komentar oleh Cep_Denny — 7 Juni 2011 @ 5:08 am |Balas

  4. HATUR NHUN KNU TOS NGADAMBEL YEU KAWIH SUNDA KA TMPI PISAN KU PRIBADOS KU MARGI NJU D PERYOGIKEN PISAN

    Komentar oleh NENKBBHELAAANJANI — 26 Mei 2012 @ 9:57 am |Balas

  5. mugia sing barokah elmuna. Barokah (sakedik tapi ageung pisan mangpaatna) komo pami dugi ka seueur mah). Haturnuhun, simkuring nyungkeun widi seja ngopy paste ….

    Komentar oleh rahmat hidayat — 20 Januari 2013 @ 7:05 pm |Balas

  6. hatur nuhn pisan pribados nuju milarian tex awih emut kapungkur pn biang sok nyawer, alhamdulillah kapendak di ieu blog, nyuhunkeun widi bade disalin, mugia manfaat barokah kanu ngarangna sareng kanu nga-entry nu, nuhun, wassalam

    Komentar oleh asepsaepul bahri — 8 Mei 2013 @ 9:44 am |Balas

  7. PONAKAN HOYONG DI SAWER ,JANTEN WEH MILARIAN.ALHAMDULILLAH MENDAK NING HATUR NHN PISAN KANG BADRU

    Komentar oleh AJAN HERMAWAN — 23 Oktober 2014 @ 4:50 pm |Balas

  8. NYUHUNKEUN WIDI KANGGO DI UNDUH

    Komentar oleh kang sopan — 8 Januari 2021 @ 3:42 am |Balas

  9. abdi milarian rumpaka rajah panganten kanggo bahan ajar, alhamdulillah mendak. widi dikopi. hatur nuhun pisan

    Komentar oleh Nani Sumarni — 2 Desember 2021 @ 3:57 am |Balas


RSS feed for comments on this post. TrackBack URI

Kirim komentar

Buat situs web atau blog gratis di WordPress.com.