mifka weblog

8 Juli 2008

Istilah dina Tatangkalan/ Dangdaunan

Filed under: Zero — by Badru Tamam Mifka @ 8:37 pm
Tags: ,

Balukang = palapah daun kalapa/ kawung

Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna

Bogol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)

Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar

Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)

Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)

Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing

Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemes tepi ka taneuh)

Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)

Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing

Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak

Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung

Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis

Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Pentil:

Pentil buah = pakel

Pentil jagong = semi

Pentil kalapa = caruluk

Pentil nangka = tongtolang

Sipat Buah Ngora:

Buah (pakel) =meujeuhna rumangu

Cau = meujeuhna rumegang

Gedang = meujeuhna gumading

Hiris (keceprek)

Jengkol = meujeuhna lumiat

Hui = meujeuhna sumagol

Kalapa (cengkir)

Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho

Nangka (ketewel)

Tangkil = meujeuhna dumewegan

Ngaran buah:

Buah asem = kamal

Buah jambe = jebug

Buah kawung = caruluk

Buah kiray = langgoko

Buah teureup = benda

4 Komentar »

  1. […] Baca Selengkapnya… […]

    Ping balik oleh Budaya – Basa Sunda « .mifkąiŝmę węblōg. — 15 Juli 2009 @ 4:05 pm |Balas

  2. wah, nice ifoh juragan :D nembe terang yen semi teh pentil jagong :D
    Hatur nuhun

    Komentar oleh Fridayana Baabullah — 21 November 2010 @ 5:29 am |Balas

  3. […] Istilah dina Tatangkalan/ DangdaunanRated 5/5 (8 Suara) […]

    Ping balik oleh Download Koleksi Film Gratis! « Merlung's Blog — 21 November 2010 @ 7:22 am |Balas

  4. sae pisan teraskeun !!

    Komentar oleh sadeli iyas — 9 Januari 2011 @ 12:26 pm |Balas


RSS feed for comments on this post. TrackBack URI

Kirim komentar

Buat situs web atau blog gratis di WordPress.com.