mifka weblog

21 Mei 2009

Contoh Teks Sawer Panganten (4)

Filed under: Zero — by Badru Tamam Mifka @ 4:08 pm
Tags: , ,

Kapara tamu sadayana
Warga wargi nu araya
Abah nyelang nyawer heula
Antosan da moal lila

Ujang nyai sami gandang
Sami calik dina ranjang
Ujang masih keneh bujang
Nikah kanu geulis lenjang

Ujang teh perlu bisa
Siga cara abah ka ema
Ayeunamah geus waktuna
Mindeng ge moal doraka

Lamun meneran parawan
Rada hese mamatahan
Ku Sabab can pangalaman
Ujang kudu lalaunan

Tapi mun ujang ka randa
Tangtu moal lila-lila
Molompong moal sulaya
Lantaran urut baheula

Bisi bojo udah-aduh
Mangkade ulah geruh
Hudang bae subuh-subuh
Da moal karasa tunduh

Mun si nyai geus ngalempreh
Ujang omat ulah leweh
Sanajan nepi kasoeh
Can aya nu tuluy paeh

Lamun bojo keur bungkiang
Omat ujang ulah hariwang
Keureuyeuh wae titukang
Dedetkeun wae sing tenang

Nyai teh kedah ngartikeun
Mun caroge geus hayangeun
Ku nyai geuwat berekeun
Bari rada diburukeun

Lamun nyai keur di gawe
Mangkade sing hade gawe
Itung-itung mayar gawe
Ngarah ngeunah kana hate

Mimiti mah rada nyeri
Nepi kana sirah nyai
Tapi mun enggeus sakali
Tangtu matak menta deui

Poman nyai ulah talangke
Kudu emut ka caroge
Kujalan masihan gawe
Najan caroge tas balik gawe

Sakitu bae ti abah
Mangkade ulah gareuwah
Tangetkeun ulah gagabah
Ngarah caroge teu seuhah

12 Komentar »

  1. […] Contoh Teks Sawer Panganten (4) […]

    Ping balik oleh Kumpulan Sawer Panganten « Mifka Weblog — 21 Mei 2009 @ 4:15 pm |Balas

  2. tolong donk ramalin gw, alnya gw kagak ngerti bahasa tu

    Komentar oleh risma purba — 31 Agustus 2009 @ 4:38 am |Balas

  3. alah aya ku sae, pikaseurieun ieu mah. nuhun kang!

    Komentar oleh oes'k — 28 September 2009 @ 10:34 am |Balas

  4. alah…… aya ku lucu geuning nyawer teh…… cing tiasa ka anggo ku tukang sawer ah

    Komentar oleh budi rahadian — 20 November 2009 @ 2:18 pm |Balas

  5. sampurasun……….
    akang pami tiasa mah atuh conto sawer kagge panganten anu d sunatan
    hatur nuhun

    Komentar oleh nuroyan — 15 Maret 2011 @ 3:12 pm |Balas

  6. sampurasun………
    akang nyuhkeun conto teks sawer panganten sunat
    haturnuhun..
    d antos

    Komentar oleh nuroyan — 15 Maret 2011 @ 3:13 pm |Balas

  7. A ada ga kaya lambanglambang nya gitu , misalnya permen itu buat apa..??
    tolong donk ,,
    oh ya tentang asal muasal sawer sama sajarah sawer juga !!!

    buat tugas .
    terima kasih :)

    Komentar oleh Smile Resty Dwiyanti — 19 Oktober 2011 @ 9:45 am |Balas

  8. gimana carany ngubah puisi sawer jadi parafrase

    Komentar oleh elizza — 29 Januari 2012 @ 10:17 am |Balas

  9. wakwakwak .
    aya nu kanggo nu di sunatan teu ?
    kanggo tugas da !!

    Komentar oleh dhidew ollalaa sattusembilansattu — 12 Maret 2012 @ 11:30 am |Balas

  10. ngiring ngopi dikapesbuken—–

    Komentar oleh Unwanuss — 18 Mei 2012 @ 12:31 am |Balas

  11. Sae…sae kanggo ngemutan urang sunda utamina nu aya di lembur batur, nuhun

    Komentar oleh ari rukmana — 24 September 2012 @ 3:16 am |Balas


RSS feed for comments on this post. TrackBack URI

Kirim komentar

Buat situs web atau blog gratis di WordPress.com.